03 Januari 2009

Mangga dibaca


Euleuh-euleuh ieu poe suku urang teh asa ngiluuu pisan... kumaha henteu atuh... ti kamari papah wae... nu biasana mah nganggo motor kamana-mana, ieu piwarang papah.

Ari kamari teh caritana mah ngiring Aksi di Jakarta kitu. Eta ti tabuh dua siang dugi ka tabuh opat tilu puluh sonten, nangtung, papah, nangtung, papah. Atuh puguh pegel. Katambih poe ieu tos gugah enjing-enjing, kusabab bade ngiringan kulawargi jeung tatanggi ka Taman Matahari Cilember.

Tadina mah urang teh moal ngiring da, ehh pas ningali brosurna sae oge. Jeung mirah..
Teu mikir-mikir deui, hayoh we beres-beres.

Geuningan leres henteu rugel. Eta tempat mani cocok pisan kanggo bararudak sakola nu keur liburan.
Janten tempatna teh luas, 150 ha. Bersiiiih deui tempat kahampangannana. Wahanana oge rupi-rupi. Aya parahu sampan, sapedah cai, flying fox, agrosawah, mobil kuriling, kolam renang, pamancingan, arung jeram, curug, saung-saung, bazaar mirah, jeung nu sejenna. Tapi anu disayangkeun, teu katampi sadayana ku urang hiks hiks... Teu cekap geuningan hiji poe teh...

Ah pokokna mah kedah diniatkeun bade balik deui upami aya rezekina. Bari ngajak barudak TK meureunnya...?!!! Pastina seru...!

Saurna mah, ieu tempat wisata teh nembe janten. Anu gaduhna namina Adi Dharmawan. Anjeuna teh bos Matahari Dept Store.
Anu sumping kadieu teh seueur pisan, urang ge nembe terang, ari nu sejen ti Jakarta mah tos pada terangeunnya? Eleh abdi ge. Padahal abdi teh urang Bogor. Anu gaduh kampung hehehehe...

Ari urang Jakarta ka gigir. Urang Bogor ka kota... sok araranehnya...?
Mantakna, hayu ka sadaya nu ngangken urang Bogor, enggal-enggal tingal tah hiji tempat wisata anyar Bogor. Sina nambih deui hiji referensi wisata upami ditaros ku nu sejen. Janten henteu Kebon Raya deui.. henteu mall deui... hehehe...

Hatur nuhunnya sateuacanna bilih aya pasilih kata, da urang mah ngan ukur jelema biasa anu seueur ku hilap jeung kalepatan..

Atosnya. Mangga sadayana...

Tidak ada komentar: